Tampilkan postingan dengan label Cianjuran Kawih Gamelan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Cianjuran Kawih Gamelan. Tampilkan semua postingan

Rabu, 28 Desember 2011

Jerit Ti Pangperangan

Nyai titik tulis akang geus cunduk ka waktu
Mangsa ajal geus datang hamo nyalahan
Mihape talatah samemeh miang
Pang nepikeun ku nyai ké ka sicikal

Ujang nitih wanci si bapa nepi ka pati
Poma ulah deuk keueung pikeun nuluykeun
Tanyakeun ka ema mun geus sawawa
Pék teruskeun yeuh perang nu can enggeusan

Layung geura indit andika balikna peuting
Geura bawa yeuh nyawa kanu Kagungan
Tong dianteup jejerit nyungsi saragam
Ujang nyai yu atuh apa rék mulang

Saha Diri

Mungguh hirup tong lepas iman jeung takwa
Di dunya nuhirup lana geusan inget pangbalikan

Timana urang asalna timana wiwitannana
Tumanya jatining diri horéng ti nu Maha Suci

Numawi sing ati-ati dipancen di alam ramé
Taluntik ku ati suci urang téh na saha diri

Hirup téh kudu sing harti
Rumaksa badan sakujur

Raga taya pangawasa anging Pangersa Manteuna
Angin Pangersa Manteuna